3 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan sebagai Referensi

Destiara Anggita Putri
10 Juni 2024, 12:55
pidato bahasa sunda tentang kebersihan
Ajeng Dinar Ulfiana | KATADATA
Ilustrasi, sekelompok warga melakukan aksi bersih-bersih pantai.
Button AI Summarize

Contoh pidato bahasa Sunda tentang kebersihan bisa digunakan sebagai referensi bagi siapa pun yang tertarik untuk membuat pidato dengan topik ini. 

Menurut KBBI, pidato merupakan pengungkapan pikiran dalam bentuk kata-kata yang ditujukan kepada orang banyak. Selain pidato bahasa Indonesia, ada juga pidato bahasa Sunda atau Biantara yaitu kegiatan berbicara di depan umum dengan menggunakan bahasa Sunda yang halus dan sopan.

Adapun, tujuan dari pidato atau biantara yaitu untuk menghibur, menginformasikan sesuatu, atau membujuk. Sama seperti pidato bahasa Indonesia, topik yang diangkat dalam pidato bahasa Sunda pun bisa beragam, termasuk tentang kebersihan.

Berikut ini beberapa contoh pidato bahasa Sunda tentang topik kebersihan yang bisa dibaca sebagai referensi.

Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan

Berikut ini tiga contoh pidato bahasa Sunda dari berbagai sumber sebagai referensi bila ingin untuk membuat pidato dengan topik kebersihan.

Pidato tentang Kebersihan Lingkungan Sekolah
Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan (Freepik)

Contoh Pidato tentang Menjaga Kebersihan Diri

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.

Wilujeng Enjing Sadayana? Bapa Kepala Sekolah, Bapak/Ibu Guru anu ku sim abdi dipihormat, sareng sadaya rerencangan anu kusim abdi dipikanyaah, khususna siswa kelas 8 nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sinareng syukur ka Allah ta’ala nu parantos masihan waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para hadirin anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana.

Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sehat sadidinten ku cara anu sehat oge.

Sapertos meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, nah eta mangrupakeun conto hirup anu sehat anu sederhana. Sabab bersih teh mangrupakeun sabagian tina iman, lamun saupami sadidinten urang tiasa ngajaga kebersihan.

Insya allah awak urang oge bakal sehat sarta di jauhkeun dina anu ngarana penyakit. Sarta awak urang bakal bersih atanapi jauh tina kokotor, sareng lingkungan di sabudeureun urang.

Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang oge jadi bersih. Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur biantara singket ti sim abdi, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna.

Mugi kersa ngahapunten. Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Contoh Pidato tentang Kebersihan Lingkungan Rumah

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Langkung tipayun hayu urang manjatkeun puji sareng syukur ka Dzat Nu Maha Agung. Ku Rohman sareng Rohim-Na, urang sadayana tiasa riung mungpulung di ieu patempatan dina rararaga acara kumpul wargi RT 5.

Solawat miwah salam mugi salamina dilimpah curahkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad saw, ka kulawargina, para sobahatna, para tabi’in atba’ut tabi’in, dugi ka urang sadayana mudah-mudahan kenging sapaatul udzma jaga di yaumil jaja wal hisab. Aamin ya robbal alamin.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat.

Kasehatan mangrupi salah sawios ni’mat Gusti nu kalintang awisna. Kumargi sakitu, payus pisan upami urang tiasa ngajagina.

Kumaha carana ngajagi sareng nyukuran ni’mat sehat?

Salah sawiosna nyaeta ku jalan ngajaga kabersihan awak urang sareng kabersihan lingkungan. Awak sareng lingkungan anu beresih moal gampil kakeunaan ku panyawat.

Ngajagi kabersihan lingkungan gampil pisan disebatkeun nana sareng gampil dilakonan kantun urang kersana. Carana nyaéta ulah miceun runtah di mana waé, rajin kokoréd di buruan, sareng getol sasapu.

Upami sadayana warga guyub dina ngajaga kabersihan lingkungan urang, tanwandé lembur urang bakal bararesih matak pikabetaheun sareng tebih tina panyawat.

Kumargi kitu, hayu urang sasarengan ngajagi kaberesihan bumi katut buruanna séwang-séwangan, ogé sasarengan gotong royong meresihan sarana umum sapertos jalan, pancuran sareng solokan.

Hadirin nu ku simkuring dipihormat.

Sakitu anu tiasa kadugikeun, hapunten boh bilih aya kalimah anu matak tugenah kana manah nyentug kana kalbu. Mudah-mudahan urang salawasna kalebet ka jalma nu tiasa ngajaga kabersihan margi saur katerangan ogé kabersihan teh bagéan tina iman.

Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Contoh Pidato tentang Kebersihan di Sekolah

Assalamualaikum wr. wb.

Bapak sareng Ibu guru anu ku simkuring dipikahormat oge hadirin miwah hadirin anu parantos ngaluuhan ieu acara, oge rerencangan saderek anu ku simkuring dibanggakeun.

Mangga nyanggakeun abdi (nami) ti (nami sakola).

Urang kedah ngartos yén lingkungan mangrupikeun tempat di mana manusa gumantung kana kahirupan. Ku sabab kitu urang kudu ngajaga lingkungan sabisa-bisa sangkan Bumi bisa mawa kauntungan, lain karugian komo musibah.

Salah sahiji cara pikeun nyegah lingkungan ngabalukarkeun musibah pikeun urang nyaéta ngajaga kabersihan. Dina ngajaga kabersihan diri urang kedah terang naon anu dimaksud kabersihan lingkungan

Harti kabersihan lingkungan anu sabenerna nyaéta ngajaga kaayaan hiji tempat sangkan tetep pas pikeun dicicingan manusa. Ku kituna kaayaan fisik kaséhatan manusa ogé bakal dijaga. Kumargi kitu urang kedah ngajaga kabersihan lingkungan supados nyiptakeun kahirupan anu santun sareng sejahtera.

Ngajaga kabersihan lingkungan ogé mangrupa cara nu hadé pikeun nyegah ayana rupa-rupa panyakit nu nyicingan dina usum hujan kawas ayeuna. Ngajaga kabersihan lingkungan sorangan tiasa dimimitian ku ngabersihkeun sakola anu dipikacinta.

Saupama sakola dina kaayaan beresih, maka jalma séjén moal weléh nuturkeun conto kabiasaan anu hadé dina ngabersihkeun ieu sakola. Urang salaku warga sakola ogé bisa kapangaruhan ku rupa-rupa dampak positif, nya éta nyaman kagiatan diajar-ngajar lantaran lingkungan sakola dina kaayaan leuwih bersih.

Ngajaga kabersihan lingkungan sakola ogé bisa dilaksanakeun ku cara miceun runtah di tempatna, rutin ngalaksanakeun pikét kelas unggal poé sarta dina raraga ngabersihkeun lingkungan sakola tina sarang reungit Aedes aegypti anu bisa ngabalukarkeun rupa-rupa panyakit bahaya, salah sahijina nyaéta demam berdarah.

Sakitu biantara ti abdi, upami aya kirang langkung abdi nyuhunkeun dihapunten.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Itulah tiga contoh pidato bahasa Sunda tentang kebersihan sebagai referensi bila ingin membuat teks pidato dengan topik serupa.

Editor: Agung

Cek juga data ini

Berita Katadata.co.id di WhatsApp Anda

Dapatkan akses cepat ke berita terkini dan data berharga dari WhatsApp Channel Katadata.co.id

Ikuti kami

Artikel Terkait

Video Pilihan
Loading...