3 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Kesehatan Singkat yang Edukatif

Destiara Anggita Putri
12 Juni 2024, 15:28
Pidato Bahasa Sunda tentang Kesehatan
Freepik
Ilustrasi, kesehatan.
Button AI Summarize

Contoh pidato bahasa Sunda singkat tentang kesehatan ini bisa dibaca sebagai referensi bagi siapapun yang ingin mengedukasi banyak orang tentang pentingnya hal ini.

Pidato bahasa Sunda atau biantara merupakan salah satu pidato di Indonesia yang umumnya banyak digunakan di wilayah Jawa Barat untuk acara-acara tertentu.

Sama seperti pidato pada umumnya, biantara disampaikan dengan tujuan untuk menyampaikan informasi serta pemahaman kepada pendengar terkait topik tertentu.

Salah satunya yaitu topik kesehatan yang merupakan aspek penting yang perlu diperhatikan dalam kehidupan.

Berikut ini beberapa contoh pidato bahasa Sunda tentang topik kesehatan yang bisa dibaca sebagai referensi.

Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Kesehatan

Dilansir dari berbagai sumber, berikut ini empat contoh pidato bahasa Sunda tentang kesehatan sebagai referensi.

Pidato Bahasa Sunda tentang Kesehatan
Pidato Bahasa Sunda tentang Kesehatan (Freepik)

Contoh Pidato 1

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

Contoh Pidato 2

Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Langkung tipayun urang sanggakeun ka Allah SWT anu parantos maparin karunia-Na, urang tiasa kumpul deui dina kaayaan sehat wal’afiat.

Sumangga urang sanggakeun solawat sinareng salam ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Mudah-mudahan ku ikhtiar ngadoa, urang bakal kenging pitulungna dina dinten kiamat.

Unggal individu pasti hoyong awak anu séhat sareng séhat, sareng olahraga mangrupikeun konci anu penting pikeun ngajantenkeun ieu.

Latihan rutin henteu ngan tujuanana pikeun ngajaga kaséhatan fisik, tapi ogé masihan mangpaat anu hadé pikeun kaséhatan méntal.

Olahraga nyaéta kagiatan anu ngalibetkeun awak dina rupa-rupa gerakan pikeun nguatkeun sareng ngajantenkeun séhat. Salian ti éta, olahraga ogé ngamungkinkeun interaksi antara individu sareng lingkunganana.

Tujuan utama latihan nyaéta pikeun ningkatkeun énergi awak, nguatkeun sistem imun, sareng ngahontal kaséhatan anu optimal.

Ku kituna, olahraga henteu ngan hiji kawajiban pikeun ngajaga kaséhatan fisik, tapi ogé mangrupa sarana ngajaga kaséhatan méntal jeung sakabéh well-mahluk.

Hayu urang jadikeun olah raga mangrupa bagian anu teu bisa dipisahkeun tina gaya hirup sehat urang unggal poe, sangkan awak jeung pikiran tetep sehat, sarta bisa ngahontal kabagjaan nu sajati.

Hatur nuhun.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Contoh Pidato 3

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu atos masihan kasempatan sareng kasehatan. Nu mana urg tiasa patepang raray di acara ieu.

Ibu/Bapa guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat ku simkuring.

Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana. Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat. Misalna meresihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.

Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, teu kenging sembarangan, terus lamun nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin ge kudu nutupan bahan ambeh henteu nularkeun virus ka batur. Urang teh kedah mikacinta kanu kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih.

Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya. Bade eta kotor jasmani atanapi kotor rohani, upami meresihan kokotor jasmani urang teh kedah mineng mandi, meresihan lingkungan, jeung sagala kokotor anu bisa nyebabkeun panyakit di diri urang.

Tuluy kumaha lamun bade meresihan kokotor rohani, carana nyaeta urang kudu ningkatkeun kaimanan urang jeung ibadah urang ka Gusti Allah. Ngan anu kudu diinget teh, sehat lain saukur bersih hungkul. Tapi urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngajagjagkeun diri urang. Misalnya urang rajin olahraga.

Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan ieu, hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Itulah tiga contoh pidato bahasa Sunda tentang kesehatan yang bisa dibaca sebagai referensi.

 

Editor: Agung

Cek juga data ini

Berita Katadata.co.id di WhatsApp Anda

Dapatkan akses cepat ke berita terkini dan data berharga dari WhatsApp Channel Katadata.co.id

Ikuti kami

Artikel Terkait

Video Pilihan
Loading...