10 Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Kesehatan yang Menarik Sebagai Referensi

Destiara Anggita Putri
11 Juni 2025, 12:41
Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Kesehatan
Freepik
Button AI SummarizeMembuat ringkasan dengan AI

Di beberapa wilayah di Indonesia, ada kalanya pidato disampaikan dalam bahasa daerah. Contohnya, di wilayah Jawa Barat dimana pidato disampaikan dalam bahasa Sunda untuk acara-acara tertentu.

Pidato bahasa Sunda sendiri lebih dikenal sebagai Biantara yang umumnya disampaikan dengan tujuan untuk menyampaikan informasi serta pemahaman kepada pendengar terkait topik tertentu.

Selain itu, biantara juga bertujuan untuk memengaruhi pendengar untuk melakukan hal yang yang disampaikan dalam pidato tersebut.

Sama seperti pidato bahasa Indonesia, topik yang diangkat dalam pidato bahasa Sunda pun bisa beragam. Salah satunya yaitu tentang kesehatan yang merupakan aspek penting yang perlu diperhatikan dalam kehidupan.

Berikut ini beberapa contoh pidato bahasa Sunda tentang kesehatan yang bisa dijadikan referensi.

Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Kesehatan

Berikut ini sepuluh contoh pidato bahasa Sunda dari berbagai sumber sebagai referensi bila ingin mengangkat topik kesehatan pada pidato yang ingin dibuat.

Contoh Pidato Perpisahan Kelas 9
Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Kesehatan (Freepik)

Contoh Pidato 1

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Bapak/Ibu nu dipikahormat, sareng dulur‑dulur sadayana,

Mugi kasadayana aya dina kaayaan séhat tur wilujeng.

Dina kasempetan ieu, hayu urang émut yén kaséhatan masarakat téh harta anu kacida pentingna. Lamun masarakat séhat, sagala rupa kagiatan sosial ékonomi bakal lancar. Kasakit‑kasakit nu bisa dicegah kalayan pola hirup bersih sareng gaya hirup séhat.

Carana praktis, ngajaga kabersihan lingkungan. Bersihkeun selokan, ulah buang runtah sembarangan. Imunisasi barudak. Pastikeun anak‑anak nampi vaksin dasar pikeun nyegah panyakit serius.

Ngahudangkeun gaya hirup aktip. Sport bareng di balé desa pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi sareng ngajaga kabugaran.

Mugia ku usaha babarengan, kaséhatan masarakat urang tiasa terus terjaga.

Hatur Nuhun, Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Contoh Pidato 2

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

Contoh Pidato 3

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah SWT anu parantos masihan nikmat, mangrebu-rebu nikmat nu teu tiasa kaetang ka urang sadaya diantarana nikmat sehat sareng nikmat iman sahingga urang sadaya tiasa patepang dina ieu acara.

Shalawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjunan urang sadaya nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW. Mugia urang sadaya kalebet umatna nu kenging syafaat dina dinten kiamat.

Hadirin Rahimakumullah

Insyaallah, dina kasempetan anu bingah ieu, sim kuring nyanggakeun biantara anu judulna ngenaan ‘Kesehatan’.

Hadirin anu dimulyakeun Allah,

Kasehatan mangrupakeun nikmat ti gusti Allah anu kacida agengna pikeun urang sadaya, upami nikmat eta dicabut urang sadaya bakal kalengitan seer nikmat sabab lengitna nikmat sehat.

Kasehatan oge mangrupikeun hiji perkara anu kudu ku urang dijaga sahingga urang tiasa ngajauhan mangrupa-rupa panyawat kusabab ngajagi kesehatan.

Hadirin Rahimakumullah

Ngajagi kasehatan tiasa dilakukeun ku sababaraha cara, contohna ku cara ngatur pola makan, olahraga teratur, sareng ngajaga lingkungan tina kuman tur panyakit.

Badan anu séhat mangrupikeun impian sadaya jalmi, kumaha jadina upami awak urang rentan kaserang panyakit? Tangtu urang sadaya bakal ngarasa cape tur kalengitan sababaraha nikmat nu dicabut babarengan sareng dicabutna nikmat sehat.

Hadirin Rahimakumullah

Kumargi kitu, hayu urang mimitian ti ayeuna ku gaya hirup sehat pikeun diri urang heula. Ngarobah gaya hirup teu gampang. tapi damang leuwih murah tibatan gering, bisa jadi nyaho yen biaya médis kiwari teu murah, sanajan pamaréntah geus nyadiakeun program pikeun fakir miskin.

Rupina, cekap sakitu biantara ti abdi mudah-mudahan tiasa dicandak manfaat tina anu didugikeun teras mudah-mudahan urang sadaya janten jalmi anu tiasa bersyukur kana nikmat ti gusti Allah.

Wabillahi Taufik wal Hidayah

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Contoh Pidato 4

Assalamualaikum warahmatullahi Wabarakatuh

Dina danget ieu sim kuring bade maparkeun kabalarea yen urang teh penting ngajaga kasehatan.

Kesehatan bisa di sebat hal anu poko Anu Kedah ku urang di jaga tidak ngora nepika jaga. Kesehatan oge tiasa disebat kanikmatan anu luar biasa anu teu Aya bandingan nana.

Hadirin anu dimulyakeun ku Gusti Allah, Aya seueur cara kanggo urang ngamumule kasehatan pikeun diri urang.

Mimiti ti kesehatan raga atanapi jasmani, diteruskan karena kesehatan jiwa atanapi rohani.

Tah upami urang Hoyong sehat jagjag waringkas, urang Kedah soson soson meresihan diri urang Tina Sagala kokotor, Bade eta Kotor rohani atanapi kokotor jasmani.

Upami meresihan kokotor jasmani mah kurang resep mandi, meresihan lingkungan, Jeung Sagala anu bisa nyebarin urang jadi kakeunaan ku panyakit, tapi meresihan kokotor rohanimah ku urang kudu ningkatkeun Kalimantan la Gusti Allah.

Tah kesehatan teh lain saukur beresih tina Sagala rupa, kusabab nu beresih teh can tangtu sehat. Tapi ku urang Aya usaha keur meresihan eta awak atanapi rohani, didinya Aya point awak urang bisa kagerakeun, nu Matak bisa jadi ngajagjagkeun raga urang.

Jadi sehat teh lain saukur kudu bersih tapi urang Oge kudu miboga aktivitas anu bisa ngagerakeun awak urang aneh loba racun anu kaluar Tina awak urang. Kaluar namah bisa ku kesan, ku ompol Jeung sajabana.

Inget Ieu kecap “ sakumaha beunghar eta jalma, upami anjeuna teu jagjagmah tiasa disebat rugi pisan jalmanateh, soalna teu bisa nganikmati kabeungharanana, tapi inget kanikmatan anu utama nyaeta, upami urang beunghar nya dipaparinan kasehatan, tur salamet dunya Jeung aherat.

Tahh.. kusabab kitu sok urang ulah nyiar naon naon nu bisa jadi pipanyakiteun, tapi siarmah naon naon nu bisa piduiteun Jeung pisehateun.

Inget piduiteun Jeung pisehateun, upami piduiteun tapi teu dibarengkan ku pikasehateunmah ulah, sabab keur naon nyiar duit Ari tingtung anda urang kudu geuringmah. Talung keneh nyiar pikasehateun da Ari geus sehatmah urangteh bisa nyiar duit.

Tahh.. kukituna urang salareaa kudu ngajaga kasehatan teh, inget nu beunghar bari gerong lamun ditanya hayang naon pasti jawabanana “ hayang sehat “. Tahh kukituna urang bisa nyimpulkeun kasehatanteh leuwih beunghar tibatan harta nu ku urang digugulung.

Dupi siganamah sakitu Bae anu tiasa dikapihatur, hapunten Tina kasalahanana, Jeung inget hayu urang kudu sehat tur jagjag Dina raga Jeung rohanina.

Sakinten wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Contoh Pidato 5

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

Contoh Pidato Bahasa Jawa
Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Kesehatan (Pexels)

 

Contoh Pidato 6

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu atos masihan kasempatan sareng kasehatan. Nu mana urg tiasa patepang raray di acara ieu.

Ibu/Bapa guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat ku simkuring.

Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana. Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat. Misalna meresihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.

Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, teu kenging sembarangan, terus lamun nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin ge kudu nutupan bahan ambeh henteu nularkeun virus ka batur. Urang teh kedah mikacinta kanu kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih.

Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya. Bade eta kotor jasmani atanapi kotor rohani, upami meresihan kokotor jasmani urang teh kedah mineng mandi, meresihan lingkungan, jeung sagala kokotor anu bisa nyebabkeun panyakit di diri urang.

Tuluy kumaha lamun bade meresihan kokotor rohani, carana nyaeta urang kudu ningkatkeun kaimanan urang jeung ibadah urang ka Gusti Allah. Ngan anu kudu diinget teh, sehat lain saukur bersih hungkul. Tapi urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngajagjagkeun diri urang. Misalnya urang rajin olahraga.

Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan ieu, hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Contoh Pidato 7

Assalamu’alaikum Wr Wb

Wilujeng enjing, hadirin sadayana.

Nu pertama jeung nu paling utama, hayu wang ucapkeun rasa syukur ka Allah Ta’ala kusabab hidayah sareng rahmat di Mentenna urang sadaya kersa kumpul riung di tempat ieu.

Oge sholawat sinareng salam mugia senantiasa dipanjatkeun ka Nabi urang sadayana Muhammad SAW, ka para sahabat, oge ka urang sadayana selaku umatna nu mudah-mudahan beriman dugi ka poe akhir. Aamiin.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat tur dipikanyaah, sakumaha aruninga dina Islam bahwa ayeuna teh urang geus erek nyanghareupan usum pancaroba. Dina usum ieu biasana loba panyakit nu daratang. Panyakit nu tadina eweuh jadi hadir.

Sangkan terhindar tina berbagai penyakit pancaroba, maka urang sadayana kedah senantiasa menjaga badan supaya tetap sehat. Aya sakitar 3 hal nu bisa ku urang sadayana laksanakan sangkan kasehatan tetap terjaga.

Anu kahiji nyaeta ngajaga pola makan. Sebagai jalmi, geus pasti urang teh boga jam biologis iraha tuang, iraha kulem, jeung hal-hal lainna. Nah, sangkan kasehatan terjaga, maka usahakeun urang teh makan di waktu nu tepat sesuai kebiasaan. Ulah sakali-kali telat atau kalewatan.

Nu kadua, usahakeun makanan nu dituang teh aya gizina. Teu ngan saukur wareug wungkul, kadaharan nu ku urang konsumsi wajib pisan tinggi gizina ngarah bisa nyumponan kabutuhan nutrisi badan.

Nu katilu nu bisa ku urang lakukeun sangkan kasehatan terjaga nyaeta olahraga. Olahraga nu sae lain nu sakali olahraga ekstrim nepi ka jam-jaman. Olahraga nu sae nyaeta olahraga anu konsisten unggal poe dilakukeun. Satengah jam satiap poena geus cukup nyumponan kabutuhan stamina badan.

Hadirin sadayana. Ngan saukur eta hal nu bade disampeikeun ku sim kuring nyaeta 3 hal nu bisa dilakukeun pikeun ngajaga kesehatan di musim pancaroba. Nu kahiji jeung istirahat teratur, makan bergizi, jeung olahraga.

Mung sakitu wae. Mugia aya manfaatna kanggo urang sadayana. Hampura bilih aya kalepatan dan kasampurnaan mah mung milik Allah Nu Maha Esa.

Hatur nuhun.

Wassalamu’alaikum.

Contoh Pidato 8

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Bapak/Ibu nu dipikahormat, rerencangan sadayana,

Mugi sadaya aya dina kaayaan séhat tur wilujeng.

Dina ieu kasempetan, hayu urang tingali kumaha pentingna kasehatan lingkungan pikeun kahirupan urang. Lingkungan nu bersih jeung asri bakal nyiptakeun hawa nu seger, nyegah panyakit, sarta ngajaga keselamatan alam.

Kahiji, urang kudu jaga kabersihan lingkungan sakola atanapi di sakuriling imah. Buang runtahna kana tempat sampah, ulah dileupaskeun sakahayangna. Upami diperlukeun, pisahkeun sampah organik jeung anorganik pikeun ngamudahkeun daur ulang.

Kadua, tanam tanduran penghijauan di pekarangan, halte, atawa di sisi jalan. Hijau-hijauan bakal nyaring polusi udara, nyegah erosi taneuh, jeung ngajantenkeun suasana jadi langkung nyaman.

Katilu, ngajaga sumber cai ti kacemar.—contone walungan, situ, atawa sumur—téa ku ulah ngambekan limbah cair sembarangan. Urang ogé tiasa ngadukung program resik-resik cilaka (bersih-bersih) sungai atawa selokan saban sabulan sakali.

Kaopat, ajak gotong-royong babarengan warga sabudeureun. Ku cara gawé bareng dina aksi bersih-bersih, rasa silih pikanyaah jeung tanggung jawab kana lingkungan bakal ngaronjat.

Pamanggih, ku ngamimitian tina diri sorangan tur ngajak batur, urang bakal ngajaga lingkungan tetep séhat sarta masarakat oge tiasa hirup aman sareng bahagia.

Hatur Nuhun, Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Contoh Pidato 9

Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Langkung tipayun urang sanggakeun ka Allah SWT anu parantos maparin karunia-Na, urang tiasa kumpul deui dina kaayaan sehat wal’afiat.

Sumangga urang sanggakeun solawat sinareng salam ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Mudah-mudahan ku ikhtiar ngadoa, urang bakal kenging pitulungna dina dinten kiamat.

Unggal individu pasti hoyong awak anu séhat sareng séhat, sareng olahraga mangrupikeun konci anu penting pikeun ngajantenkeun ieu.

Latihan rutin henteu ngan tujuanana pikeun ngajaga kaséhatan fisik, tapi ogé masihan mangpaat anu hadé pikeun kaséhatan méntal.

Olahraga nyaéta kagiatan anu ngalibetkeun awak dina rupa-rupa gerakan pikeun nguatkeun sareng ngajantenkeun séhat. Salian ti éta, olahraga ogé ngamungkinkeun interaksi antara individu sareng lingkunganana.

Tujuan utama latihan nyaéta pikeun ningkatkeun énergi awak, nguatkeun sistem imun, sareng ngahontal kaséhatan anu optimal.

Ku kituna, olahraga henteu ngan hiji kawajiban pikeun ngajaga kaséhatan fisik, tapi ogé mangrupa sarana ngajaga kaséhatan méntal jeung sakabéh well-mahluk.

Hayu urang jadikeun olah raga mangrupa bagian anu teu bisa dipisahkeun tina gaya hirup sehat urang unggal poe, sangkan awak jeung pikiran tetep sehat, sarta bisa ngahontal kabagjaan nu sajati.

Hatur nuhun.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Contoh Pidato 10

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Bapak/Ibu nu dipikahormat, rerencangan sakumna,

Sim kuring ngahaturkeun salam wilujeng sareng wilujeng tepang dina kasempetan anu pinuh berkah ieu.

Dinten ieu, hayu urang bahas hiji hal anu teu tiasa dipisahkeun tina kahirupan sapopoe, nya éta kaséhatan. Kaséhatan sanés ngan ukur euweuh panyakit, tapi ogé kaayaan fisik, mental, jeung sosial anu saimbang.

Kahiji, urang kudu ngajaga kabersihan diri. Cuci leungeun maké sabun saméméh dahar, sanggeus ka kamar mandi, sareng sanggeus kagiatan di luar. Kabiasaan ieu basajan, tapi papayanna gedé pikeun nyegah panyakit.

Kadua, konsumsi kadaharan bergizi. Dahar sayur jeung buah unggal poé, cukupan protéin tina lauk atanapi daging, sareng hindarkeun katuangan goréng atanapi loba gula. Kadaharan séhat ngadukung awak tetep kuat jeung énergi.

Katilu, penting pisan pikeun olahraga rutin. Sakurang-kurangna 30 menit sapoé, bisa jalan santai, lari leutik, atanapi senam bareng di balé desa. Olahraga ngabantu ngaronjatkeun sirkulasi darah, nyetak stres, sarta ngajaga beurat awak idéal.

Kaopat, ulah hilap istirahat cukup. Bobo sahenteuna 7–8 jam unggal peuting supados awak sareng pikiran tiasa pulih. Tanpa istirahat nu cukup, produktivitas urang bakal turun sarta gampang capé.

Pamungkas, hayu urang silih ajarkeun kabiasaan séhat ka kulawarga, rerencangan, sareng warga sabudeureun. Ku gotong royong nyebarkeun inpormasi jeung praktek, insya Allah masarakat urang bakal langkung séhat, produktif, sareng bahagia.

Mugi pidato ieu janten pangeling pikeun urang sadaya.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Itulah sepuluh contoh pidato bahasa Sunda tentang kesehatan yang bisa dijadikan sebagai referensi bila tertarik untuk membuat pidato dengan tema serupa.

Baca artikel ini lewat aplikasi mobile.

Dapatkan pengalaman membaca lebih nyaman dan nikmati fitur menarik lainnya lewat aplikasi mobile Katadata.

mobile apps preview
Editor: Safrezi

Cek juga data ini

Artikel Terkait

Video Pilihan