5 Contoh Naskah Drama Sunda untuk Pementasan dan Tugas Sekolah

Ghina Aulia
27 November 2023, 16:42
Naskah drama Sunda.
Bp-guide.id
Ilustrasi, orang Sunda.

Drama merupakan bagian dari seni peran yang masih berkembang hingga sekarang. Misalnya yang paling umum ditemui drama di televisi. Penonton bisa menyaksikan jalan cerita yang lengkap dengan tokoh, latar, alur, dan penunjang lainnya.

Melansir Thought Co, drama didefinisikan sebagai penggambaran peristiwa fiksi atau non-fiksi melalui kinerja dialog tertulis (baik prosa atau puisi). Drama dapat dilakukan di atas panggung, di film, atau radio.

Drama juga bisa diartikan sebagai sebuah karya tulis yang menceritakan sebuah kisah melalui tindakan dan ucapan dan dimaksudkan untuk bertindak di atas panggung. Maka dari itu, naskah menjadi salah satu faktor utama dalam penampilan drama.

Pada tulisan ini, kami akan menyertakan sejumlah contoh naskah drama Sunda yang patut dipertimbangkan untuk pementasan. Selengkapnya, simak pembahasan berikut ini.

Naskah Drama Sunda: Ngalongok Babaturan

Di Sakola.

Fira: (Bari ngomong na jero hate) enjing ieu tumben abdi teu ningali si dini, kamananya? Apa mereun manehna teu asup sakola, soalna tatadi teu katingalian sapotong-potong acan.

Keur kitu datang Rara..

Rara : Keur naon Fir?
Fira : Keur ngadagoan si dini yeuh!
Rara : Laina si dini keur geuring nya?
Fira : Ah piraku? Kamari abdi ka bumina, manehna teu kunanaon ah, katingali jagjag keneh!
Rara : Ih maneh mah teu percaya! Ieu kan surat izin-na bieu emina anu masihkeun ka abdi. Hayu geura urang tingali engkin uih sakola ka bumina.
Fira : Asiappp! Hayu, mumpung ayeuna teu aya les tambahan.
Rara : jam 4 nya, engke nyampeur ka bumi abdi hela.
Fira : ok !
Di bumi Rara..
Rara : heuy fir, maneh nyandak naon eta na keresek?
Fira : oh ieu, abdi nyandak buah ra, keur si dini, bisi hoyong buah-buahan.
Rara : Oh.. hayu atuh urang geura-giru ka bumina.
Fira : Hayu ..

Di bumi Dini.

Fira : Assalamualaikum.. Heuy, dini kumaha kaayaana tos mendingan teu acan?
Dini : Eh aya rara, jeung fira, mangga ka lebet, alhamdulillah ayeuna mah tos rada mendingan.
Rara : emang panyawatna naon din, asa kamari mah teu kunanaon ?
Dini : Puguh ge, ieu anemia, ra.
Fira : wah, pasti gara-gara sering kecape-an nya?
Dini : enya, muhun fir.
Fira : oh nya, ieu hilap, abdi nyandak buah-buahan.
Dini : wah, hatur nuhun nya?
Fira : enya sami-sami.
Rara : Mugia sing buru-buru cageurnya din, supaya urang bisa ameng deui.
Dini : muhun.
Rara : mangkana sing tereh cageur nya!
Dini : amin ra.

2 jam saterusna.

Fira : ya, ampun! Tos arek magrib, abdi kudu uwih heuka nya din.
Dini : oke ..
Rara : sami abdi oge, sieun si bapa neangan din.
Dini : oke oke, nuhunnya tos nyempetkeun ngalongok ka bumi.
Fira, Rara : Nya sami-sami.

Naskah Drama Sunda: Tara Asup Sakola

Beurang éta jam istirahat sakola geus nyuara, Ari, Dian, jeung Winda, keur maresen jajanan di kantin sakola bari ngararobrol.

Dialog:

Dian : Maranéh nyaho teu kunaon si Dika tara asup sakola salila tilu poé? Apa manéhna keur geuring nya?
Ari : Harita mah urang ningali manehna keur diuk ngabengong di teras imahna. Urang kungsi nanya kunaon manehna tara asup ka sakola. Manehna ukur ngajawab 'teu kunanaon" jeung alesana teh sok kaberangan wae cenah.
Winda : Hmm, moal mungkin sih manehna kaberangan wae mah, manehna kan rajin jelemana. Kosna si Dika keur aya masalah tapi manehna embungeun carita ka urang-urang?
Dian : Oh, heuh urang inget, tilu poe kamari sabalik sakola, emi urang carita lamun nempo si dika aya pasar keur mantuan emina dagang. Laina poe eta teh poe pertama manehna teu asup ka sakola nya?
Ari : Alusna mah, engke balik sakola urang kaditu yu supaya nyaho kunaon sih sabenerna si dika tara asup ka sakola teh.
Dian jeung winda oge satuju kana usulna si ari. Sorena maranehna karumpul jeung mangkat babarengan ka imah si dika. Di ditu maranehna ningali si dika keur ngabereskeun dagangan emina.
Dika : heuy barudak aya naon nya? Tumben ka darieu, hayu dariuk hela.
Dian : Urang ngan hayang nyaho, kunaon maneh tara asup sakola dik salila tilu poe noron, sabab urang nyaho maneh kan babaturan urang nu rajin, maneh keur aya masalah lain dik?
Ari : Heuh dik, kunaon sababna maneh tara asup, mending ngomong weh ka urang-urang nu sabenerna dik.
Dika : Punten saencana, urang sabenerna embung cumarita sabab isin ka maraneh jeung embung nyusahkeun. Urang gawe ngabantuan emi urang ajang ngaringankeun biaya SPP sakola, sabab urang can mayar, deuih karunya asa teh ningali emi urang gawe sosorangan di pasar.
Winda : Oh kitu, kumaha lamun isukan sore urang ngabantuan maneh dagang nguriling kampung ngajual sabagian dagangan maneh dik. Kumaha barudak setuju teu?
Ari, Dian : Hayu, urang setuju!
Dika : Nuhunnya barudak, maraneh emang babaturan urang anu balageur pisan.
Dika tungkul da ngarasa isin, Dian Ari, jeung Winda oge teu lila ngelus-elus pundakna si dika.

Naskah Drama Sunda: Tugas Kelompok

Beurang eta aya lima urang rerencangan nyaeta Danu, Dina, Dita, Didi, jeung Dadang geus satuju rek ngagawekeun tugas kelompok balik sakola babarengan.

Dita : Engke urang gawean tugas sakola ieu di tempat biasa nya?
Didi : Di saung tea apa di imah si Danu?
Dita : Di saung weh deket sawah ngenaheun bari ningali pamandangan.
Dina : hayu, mun kitu mah kuring balik heulan ah rek ganti baju heula jeung daang heulan, tos kitu urang langsung nuju ka saung.

Sa geus marenehana baralik ka imahna masing-masing, jeung jam nu geus nunjukeun jam setengah opat, Dina, Dita, jeung Didi marangkat ka saung. Ngan ukur si Danu anu heunte mangkat mah sabab manehna mah kalah sare tibra nakeur jeung poho kana janjina.

Di saung.

Halaman:
Editor: Safrezi
Berita Katadata.co.id di WhatsApp Anda

Dapatkan akses cepat ke berita terkini dan data berharga dari WhatsApp Channel Katadata.co.id

Ikuti kami

Artikel Terkait

Video Pilihan
Loading...