3 Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda dan Penjelasannya

Ghina Aulia
18 September 2023, 16:10
Contoh teks pidato bahasa Sunda.
pexels
Ilustrasi, mikrofon.

2. Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda

Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Gusti nu Maha Esa, nu atos masihan kasempatan sareng kasehatan janten tiasa patepang raray di acara ieu.

Ibu/Bapak guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat ku simkuring. Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana.

Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat. Misalna meresihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, dugi ka nyikat waos. Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, terus lamun batuk atawa beresin ge kudu nutupan supados henteu nularkeun virus ka batur.

Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya. Urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngajagjagkeun diri urang.

Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan, hatur nuhun kana perhatosannana.

Wassalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatu.

3. Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda

Assalamualaikum Wr. Wb.

Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah SWT anu Maha Agung, dina dinten ieu teh urang sadaya tiasa ngariung sasarengan dina acara ieu.

Hadirin anu dipikahormat,

Berimana kana qada jeung qadar seueur manfaatna, di antarana tiasa nguatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT. Selain ti eta bisa oge nyadarkeun urang yen sagala perkara atawa kajadian nu aya di bumi ieu teh, tos diatur ku Allah SWT. Matak ayana qada jeung qadar ieu teh bisa numbuhkeun kateguhan hate sareng kasabaran urang, salila urang hirup di dunia.

Masalah atawa rintangan naon wae anu aya di hirup urang teh, ngarupakeun katetepan ti Allah SWT. Jadi urang teh kudu tawakal, da sagala rupina ge tos aya izin ti Allah SWT. Urang sadaya moal tiasa ngahindar ti katetapan Allah SWT, deuk nu hade deuk nu goreng. Sadayana tos diatur ku Maha Kawasa.

Iman kana qada jeung qadar ieu oge bisa numbuhkeun kanikmatan ti Allah SWT, sareng ngadorong urang bersyukur ka Allah SWT salawasna.

Sakieu heula pidato ti abdi, upami aya cariosan anu merenah di hate abdi nyuhunkeun dihapunten.
Waalaikum salam Wr.Wb.

Demikian penjelasan tentang biantara dan contoh teks pidato bahasa Sunda yang bisa menjadi rekomendasi Anda sebelum membuatnya. 

Halaman:
Editor: Intan
Berita Katadata.co.id di WhatsApp Anda

Dapatkan akses cepat ke berita terkini dan data berharga dari WhatsApp Channel Katadata.co.id

Ikuti kami

Artikel Terkait

Video Pilihan
Loading...
Advertisement